139 Tatarucingan Sunda Bodor Pisan Pokonamah

Posted by Risman Luxor Kamis, 06 Maret 2014 38 komentar

Tatrucingan Adalah sejenis teka teki sunda (Sundanese riddle). Sejenis permaninan tradisional berupa pertanyaan-pertanyaan lisan yang diungkapkan sedemikian rupa sehingga jawabannya sulit ditebak. Seringkali orang baru bisa menjawab setelah lebih dahulu mengetahui jawabannya. Kesulitan Menjawab disebabkan tatarucingan direkayasa sedemikian rupa baik pertanyaan maupun jawabannya sehingga benar2 sulit dijawab.

Berikut 139 Tatarucingan Sunda :

  1.     Sato naon anu pang leutikna saalam dunya? {Cacing cacingan)
  2.     Ari nakol bedug aya sabaraha warna? (Ti Luarna)
  3.     Minyak naon anu rame? (Minyaksikan pertandingan sepakbola)
  4.     Batman nginum fanta, ari Superman nginum naon? (Minumpas kejahatan)
  5.     Hayam naon anu sok diteangan ku jelema? (Hayam leungit)
  6.     Naon bedana onta jeung kangkung? (Onta mah di Arab, kangkung mah diurab)
  7.     Tukang naon anu teu bisa ngitung? (Tukang poto)
  8.     Kalong naon anu pinter maen bal? (Kalonggak beckham ya…Del Piero)
  9.     Bisa naek teu bisa turun. (Haji)
  10.     kalimah naon anu dibaca ti hareup jeung ti tukang sarua hartina? (Kasur ini rusak)
  11.     Gajah naon anu sukuna dua? (Gajah nu keur keprok)
  12.     Hurup naon anu ngeunah? (Nya T)
  13.     Lamun Superman ngapung tara ngadeukeutan panonpoe, naon sababna? (Sabab sieun S-na leeh kapanasan)
  14.     Leutik bodas pikasieuneun. (Sireum nu napel dina huntu maung)
  15.     Setan naon anu bisa nangtungkeun sepedah? (Setandar)
  16.     Sato naon anu pangharam-haramna? (Anak bagong euweuh bapaan)
  17.     Hayam naon anu sukuna 1002? (Hayam nu keur gelut jeung titinggi)
  18.     Rancung lain landak, hejo lain tentara. (Kaktus)
  19.     Make baju lain manusa, make dudukuy lain patani. (Bebegig)
  20.     Kasur naon anu matak nyeri? (Kasura)
  21.     Monyet naek kana tangkal kai, tinggal naonna? (Tinggal turunna)
  22.     Pare naon anu teu ngeunah? (Parea-rea omong)
  23.     Jalma meuli kasur keur naon? (Keur beunta)
  24.     Sato naon anu sukuna dina sirah awakna dina sirah? (Kutu)
  25.     Kapas 2 kg, batu 1 kg, lamun ditinggangkeun kana suku nyeri mana? (Nyeri
  26.     sukuna)
  27.     Ku naon tukang baso nakolan mangkok? (Ku sendok)
  28.     Soeh teu bisa dikaput, kotor teu bisa diseuseuh. (Keretas)
  29.     Budak dugul asup kana embel. (Cilok)
  30.     Petina hiji, mayitna loba. (Korek api)
  31.     Kaca naon anu nyeri? (Kacabok)
  32.     Naon sababna kareta api manjuna ngarayap? (Mun nangtung mah nabrak kapal nu keur ngapung)
  33.     Kaca naon anu seungit? (Kacapiring)
  34.     Kaca naon anu pangbeuratna? (Kacalikan gajah)
  35.     Hayam naon anu keur jengke? (Hayam nu keur sondah)
  36.     Ari sakintal bisa jadi sapuluh kilo? (Bisa, lamun kiloanana ruksak)
  37.     Aya balon sapuluh, bitu hiji, kempes tilu, kari sabaraha deui? (Kari 9 da nu kempes teh ditiup deui)
  38.     Dicekek beuheungna dieleketek beuteungna. (Gitar)
  39.     Naon sababna ban sapedah anu tukang sok babari dugul? (Balas cape mikiran kumaha carana hayang miheulaan ban hareup)
  40.     Naon sababna lamun anjing keur lumpat sok ngalieuk bae ka tukang? (Sabab teu make kaca spion)
  41.     Kaca naon anu sok disada? (Kacapi)
  42.     Cing pangmacakeun: Pa Ha 2 3 4 din (Pa Haji Samsudin)
  43.     Sapi naon anu bisa ngarayap dina tembok? (Sapiderman)
  44.     Hayam naon anu isuk-isuk tara kongkorongok? (Hayam paeh)
  45.     Supirna opatan ari panumpangna saurang. (Pasaran)
  46.     Buah naon anu tara diala? (Buah murag)
  47.     Piramida di jerona aya harta karun. (Bacang)
  48.     Gajah keur ulang taun. Sakumna sasatoan geus daratang, iwal tititinggi, naon sababna? . (Sabab make sapatu heula, lila (loba teuing sukuna) Leutik, bodas, panjang, teuas, lumpatna ngabelesat( Remeh napel dina kareta api nu keur maju)
  49.     Tukang naon lamun digeroan sok lumpat ngajauhan? (Tukang maok)
  50.     Ti peuting asak ti beurang atah. (Lampu bohlam)
  51.     Bajuna hejo, leumpangna nguriling bari udud. (Obat nyamuk)
  52.     Sukuna hiji, panonna tilu. (Lampu setopan)
  53.     Ka handap muka ka luhur nutup. (Seleting)
  54.     Maju eleh, mundur meunang. (Nu keur lomba tarik tambang)
  55.     Aya manuk 10 ditembak hiji, tinggal sabaraha? (Euweuh hiji-hiji acan da kaburu hiber)
  56.     Sato naon anu pangleutik-leutikna sadunya? (Incuna kuman nu teu dahar saminggu)
  57.     Aya anjing begang, anjing lintuh, anjing jangkung, anjing pendek,)
  58.     jeung anjing edan rek nyokot tulang. Pangheulana anjing mana? (Anjing baseuh)
  59.     Kapal naon anu teu bisa ngapung? (Kapal nu mesinna ruksak)
  60.     Hideung, leutik, bahaya. (Sireum napel dina bom)
  61.     Kumaha ngabedakeun sirah cacing jeung buntut cacing? (Eleketek heula, nu seuri eta huluna)
  62.     Naha superman bajuna make hurup "S"? (Sabab mun XL mah bakal logor teuing)
  63.     Hiji diala ari loba teu diala. (Huis)
  64.     Buah naon anu sok diwedak? (Kesemek)
  65.     Tangkal naon anu sok dipikasieun? (Tangkal sampeu nu keur dipake nyumput maung)
  66.     Lamun Arjuna neangan cinta, ari Bima neangan naon? (Neangan kukuna nu sok
  67.     dibabawa ku tukang jamu)
  68.     Sirahna dina beuteung, ceulina dina beuteung, beuheungna dina beuteung. (Orok nu keur dikakandung ku indungna)
  69.     Sapedah naon anu bisa ngapung? (Sapedah anu ditalian kana 1000 balon gas nu keur ngapung)
  70.     lauk naon anu bisa hiber? (Lauk Indosiar)
  71.     Kuda naon anu teu bisa lumpat? (Kuda nu dicangcang)
  72.     Ari nakol bedug aya sabaraha warna? (Ti luarna)
  73.     Minyak naon anu rame? (Minyaksikan pertandingan sepakbola)
  74.     Batman nginum fanta, ari Superman nginum naon? (Minumpas kejahatan)
  75.     Hayam naon anu sok diteangan ku jelema? (Hayam leungit)
  76.     Naon bedana onta jeung kangkung? (Onta mah di Arab, kangkung mah diurab)
  77.     Tukang naon anu teu bisa ngitung? (Tukang poto)
  78.     Kalong naon anu pinter maen bal? (Kalonggak beckham ya…Del Piero)
  79.     Bisa naek teu bisa turun. (Haji)
  80.     kalimah naon anu dibaca ti hareup jeung ti tukang sarua hartina? (Kasur ini rusak)
  81.     Gajah naon anu sukuna dua? (Gajah nu keur keprok)
  82.     Hurup naon anu ngeunah? (Nya T)
  83.     Lamun Superman ngapung tara ngadeukeutan panonpoe, naon sababna? (Sabab sieun S-na leeh kapanasan)
  84.     Leutik bodas pikasieuneun. (Sireum nu napel dina huntu maung)
  85.     Setan naon anu bisa nangtungkeun sepedah? (Setandar)
  86.     Sato naon anu pangharam-haramna? (Anak bagong euweuh bapaan)
  87.     Hayam naon anu sukuna 1002? (Hayam nu keur gelut jeung titinggi)
  88.     Rancung lain landak, hejo lain tentara. (Kaktus)
  89.     Make baju lain manusa, make dudukuy lain patani. (Bebegig)
  90.     Kasur naon anu matak nyeri? (Kasura)
  91.     Palu naon anu bisa pidato? (Pa Lurah)
  92.     Akar di luhur, pucuk di handap. (Janggot)
  93.     Asup tarik kaluar laun. (Leho)
  94.     Bisa turun teu bisa naek. (Hujan)
  95.     Boga sisit lain oray, boga makuta lain raja. (Ganas)
  96.     Budak dugul loba kutu. (Onde-onde)
  97.     Diasupkeun hejo, dikaluarkeun beureum. (seupah)
  98.     Dicabak aya dilieuk euweuh. (Ceuli)
  99.     Dicukur buluan, teu dicukur dugul. (Kadongdong)
  100.     Dipeuncit hirup, teu dipeuncit paeh. (Rebab)
  101.     Disebut sakali hirup, disebut dua kali paeh. (Kuda)
  102.     Ditakol nyendol teu ditakol nyendol. (Goong)
  103.     Diudag lumpat didagoan cicing. (Kalangkang)
  104.     Gunung bitu, bandera kekelebetan. (Nu keur ngakeul sangu)
  105.     Hiber lain ku jangjang, balik lain ku suku. (Langlayangan)
  106.     Indungna cicing anakna ancul-anculan. (Lisung jeung halu)
  107.     Nangkub dieusi nangkarak kosong. (Kopeah)
  108.     Oray hejo panonna loba. (Peuteuy)
  109.     Samak saheulay, lampuna mangrebu-rebu. (Langit)
  110.     Make baju bodas lain dokter, make topi hejo lain tentara.  (Toge)
  111.     Hayam naon anu sukuna sarebu?  (Hayam keur pawey)
  112.     Diubek diteangan, geus kapanggih dipiceun. Naon? (Korong)
  113.     Naon sababna lamun tumpak mobil sok nundutan? (Sabab banna buleud)
  114.     Sato naon anu teu bisaeun mundur? (Sato nu nukangan tembok)
  115.     Bangku naon anu bisa didahar? (Bangkuang)
  116.     Cing pangnyebutkeun 5 rupa ngaran bungbuahan anu sok didahar,sakali nyebut! (Rujak)
  117.     Batu naon anu teu aya di cai? (Batu garing)
  118.     Oray naon anu teu bisaeun ngaleor? (Oray nu ngalegleg linggis)
  119.     Jalma naon anu sukuna tilu panonna opat? (Aki-aki make iteuk jeung kacamata)
  120.     Di luar koneng, di jero bodas, nu apaleun monyet. (Cau)
  121.     Hayam naon anu sukuna hiji? (Hayam nu keur jengke)
  122.     Bapana udud, indungna nyeuseuh, anakna ceurik. (Kareta api)
  123.     Gajah tumpak beca, gede naonna? (Gede bohongna)
  124.     Baso dibalikkeun jadi naon? (Bahe)
  125.     Awakna leutik pisan, sirahna gede pisan. (Sireum make helm)
  126.     Nini-nini bongkok kumaha sarena? (Peureum)
  127.     Piring naon anu bisa dipake nempo bulan? (Piring bolong)
  128.     Manuk naon anu jangjangna dina suku, sirahna dina suku? (Manuk anu katincak)
  129.     Naon sababna ban mobil tina karet? (Mun tina coklat pasti digembrong)
  130.     Sapi naon anu bau? (Sapiteng)
  131.     Piring naon anu pangrame-ramena di Indonesia ? (Piringatan 17 Agustus)
  132.      Naon bedana sarimie jeung nini-nini? (Sarimie renyah, nini-nini renyoh)
  133.     Pribumi di luar ari semah di jero. ( Tukang beca jeung panumpang)
  134.     Dicabak beye, ditakol ngabelentrang.  (Tai kotok napel dina tihang listrik)
  135.     Diusapan, didengkakkeun, tuluy diasupkeun. (Kacamata)
  136.     Di luar hujan angina, di WC hujan naon? (Hujan-heujeun)
  137.     Hayamna bodas, naonna anu hideung? (Kalangkangna)
  138.     Buah naon anu dipikaresep ku lalaki? Buahenol
  139.     Jam naon anu bisa nembang? (Jamrud)
Naha cenah teu bodor? da blogna ge nu uing. Sakahayang uing we...


TERIMA KASIH ATAS KUNJUNGAN SAUDARA
Judul: 139 Tatarucingan Sunda Bodor Pisan Pokonamah
Ditulis oleh Risman Luxor
Rating Blog 5 dari 5
Semoga artikel ini bermanfaat bagi saudara. Jika ingin mengutip, baik itu sebagian atau keseluruhan dari isi artikel ini harap menyertakan link dofollow ke http://sakahayanguingwe.blogspot.com/2014/03/139-tatarucingan-sunda-bodor-pisan.html. Terima kasih sudah singgah membaca artikel ini.

38 komentar:

Unknown mengatakan...

bahasa arabna modol ? alaan tai na

Unknown mengatakan...

bahasa arabna modol ? alaan tai na

Unknown mengatakan...

Bahasa na urang ka arab naon?

Mr. Erwin mengatakan...

ditingali saetik diitung loba?

Mr. Erwin mengatakan...

ditingali saetik diitung loba?

Anonim mengatakan...

lamun diucapkeun sakali jauh, lamun di ucapkeun dua kali jadi deukeut. naon tah?

Unknown mengatakan...

Tahu tahu naon nu eweuh bentukna? Bubuk Tahu (dengen sangu tea ning) Krik kriik... hehehe

Unknown mengatakan...

Langit

RepiF.S mengatakan...

Digas direm pegat naon ?

Unknown mengatakan...

Bahasa sunda na terbirit birit naon nya

Unknown mengatakan...

Jelema naon nu sagala pantes.. ka tabrak pantes. Make baju tibalik pantes. D gebrus ka susukan pantes

Unknown mengatakan...

Jelema naon nu sagala pantes.. ka tabrak pantes. Make baju tibalik pantes. D gebrus ka susukan pantes

Unknown mengatakan...

Tibabaranting

AgungBlogger mengatakan...

Terima kasih info yang bergunanya, sangat dicari cari ni.!

Kunjungi juga :

Pengobatan Tradisional Kista Kista di Dalam Rahim

Cara Mengobati Sinusitis Sampai Tuntas

Cara Mengobati dan Menghilangkan Lipoma Tanpa Operasi

Pengobatan Tradisional Untuk Lambung Bocor

Unknown mengatakan...

Ter bujur bujur

Unknown mengatakan...

Modolll

Unknown mengatakan...

Tipaparetot

atep onlineshop mengatakan...

Beas

Sugih Maryanto mengatakan...

BahasaArabNaKopeahNaon?

Unknown mengatakan...

Nuhunkeun bantosanna cik kunaon kuda lalaki Mun nempo kuda awewe sok ngelay Bae ?

Unknown mengatakan...

Wadah hulu

Ella meilani mengatakan...

Ngaran naon anu pangpondokna

Unknown mengatakan...

Ahh garing anjing tatar ucingana

Unknown mengatakan...

Bodas bodas di gunung naon tah?

Unknown mengatakan...

Bujur na ka kaler hitut na kmna?
Tumaros ahh hhe

Unknown mengatakan...

Di geroan sakali maju, di geroan dua kali cicing naon tah

Mang Anom mengatakan...

Mampir ka channel YouTube Abi sadayana πŸ™ Abi ge Aya nuju tatarucingan .. cekibrot πŸ˜„πŸ™

Mang Anom mengatakan...

https://youtu.be/Q0zu28EY9qA

Mang Anom mengatakan...

Aeh salah link na πŸ˜„πŸ™

Mang Anom mengatakan...

https://youtu.be/noF3Dya6yzE

Unknown mengatakan...

Tai

Unknown mengatakan...

Tatarucingan papatong

officelaptop mengatakan...

This Post is providing valuable and unique information; I know that you take a time and effort to make a awesome article λ¨ΉνŠ€κ²€μ¦

officelaptop mengatakan...

You have done a great job by publishing such a beneficial web site. κ²€μ¦μ‚¬μ΄νŠΈ

Unknown mengatakan...

TKW

Unknown mengatakan...

Jalma gelo😁

Unknown mengatakan...

Hideung letik bau koneng badag?

Unknown mengatakan...

Budak gundul ditatoan naon Tah hartina

Posting Komentar

obatkolesterolpaten.wordpress.com, Obat Asam Urat support Obat Asam Urat - Original design by Bamz | Copyright of Sakahayang Uing We.